Nyasab

Gelenyu
Nyasab
Ku Kang Ris
Sabenerna hayang pindah gawè ka lembur sorangan tèh ti bèh ditu mula; waktu mimiti dibenum jadi CPNS. Harita taun 1991 basa nampa bisluit, nu ngacleng meuntas kecamatan ngan kuring wungkul. Balad nu tiluan mah dareukeut ditempatkeunana, sasat di golodog. Didongkang ku numpak calana gè, kauntup. Sedengkeun kuring? Muru sakola tèh kudu dua kali nyèngclè 'na kandaraan, bari samèmèhna ngajèbrag heula. Hèèh pan lembur tèh rada nyingcet ti jalan hideung. Geura nya rang "analisis". Jut ti imah ngagèang ka Cicurug, laju megat pikeup nu turubna ku terpal; mobil angdès "kalèran" muru terminal Pasar Limbangan. Ti dinya clak deui kana wahon jurusan Leuwigoong, atawa numpak sado. Palebah Warung Peuteuy, kakara anjog. Kira dua ratus mèteran badarat bras wèh ka tempat tugas. Tuh, nya pan sakitu ngempladna. Lian ti jauh tèh olok ongkos ongkoh. Jadi, munasabah mun kuring ngurihit ka Bapa jeung ka Amang mindang saraya karep pindah tèh.
Ngan orokaya, lain ngahucuhkeun. Bapa nolak sapajodogan: "Tong di lembur gawè mah. Moal leubeut luang. Jaba bakal kararagok, rèa baraya. Mun hidep 'mijah' loba nu kudu diragangan. Karir moal 'mekar'!
Pon kitu deui Amang, kalah ngapilainkeun. Malah Amangah aya èmbohna semu nyèngklèk-nyèngklèkkeun. Pokna: "Lah, pilakadar Cibiuk... deukeut atuh! Batur mah komo ka Irian, laludeungeun. Ieu mah masih sakabupatèn can bèda pulo, piraku dèk jejerih? Budak ngora mah kudu lèbèr wawanèn ulah tuna kateuneung! Yeuh, Cigembor kampung nu adek ka SD hidep, tatèh pangulinan Amang baheula jaman bolon!"
Meg angen lir ditotog linggis. Pan Amang tèh penilik. Tangtu euyeub rèlasi. Mun karep ngalobi moal harèsè. Penilik alam harita atuh... masih dipikasèrab ku balarèa. Aya kadua ngahucuhkeun. Ieu mah kalah ngèsè-ngèsèkeun. Nasiiibbb...!
Ngarasa teu digugu, najan rada nyungkelit, antukna kuring sadrah tumarima kana kadar. Satengah nyungkun antukna kuring nawaètu seja "bumèn-bumèn" di Cibiuk tug ka puncak karir dibenum jadi pengawas (lin pengawas tèh jabatan karir pangluhurna di fungsional?).
Sekenario Alloh mèmang Mahaèndah. Ari geus waktuna mah bet teu sakara-kara. Taun 2023 kuring meunang SPT pindah ka Selaawi. Najan keur betah di Kadungora, teu kaci mondah. Ngarana gè "parèntah" wajib ditohonan. Oh, nya... mèmèh ka Selaawi, taun 2020, kuring dirotasi heula ka Kadungora dina raraga pemerataan pengawas. Pangna ayeuna pindah gè, alatan di Selaawi kosong da pengawasna parangsiun. Hèèh nya, baheula mah kuring nu maksa kolot, kiwari kuring nu dipaksa.
Sakatarimana SPT, teu talàngkè isukna kuring geus ngajèos muru tempat tugas anyar. Nu jadi sabab, sono hayang geuwat nitènan lembur matuh bali geusan ngajadi banjar karang pamidangan, nu geus tilu puluh dua taun ditinggalkeun. Nu diuber pangheulana lelewek Jeungjing Pelitaasih. Inget baheula mangsa ngaligeuh, paling resep mun ulin leuleumpangan ka palebah dinya. Nu matak mincut, alatan hawana masih seger; pasirna weuteuh gunungna pageuh, tur pamandangana èndah. Komo mun neuteup ka beulah kalèr-kulon, kajeueung Leuweung Sabilik parat ka Pasir Kareumbi tatangkalana wedel kènèh. Can kacocèng ku nu maling kai. Matak janglar kana pipikiran, waas taya hinggana. Seug komo barang rèt ka biwir pasir handapeun Lamping Cimandala katangèn aya sakola nyengceling. Bet asa dina lukisan. Nya kadinya nu jadi pangjug-jugan. Merenah pisan mulangkeun panineungan tèh. Lir aya nu ngenyang, gas ditongtak disakalikeun biur trail mangprèt meulah jalan jajahan.
Satepina ka sakola, ilaharna pengawas keur monitoring, kuring gepyak dibagèakeun ku kepala sekolah (KS) katut guru-guruna. Najan kuring teu mèrè iber ti anggalna, susuguh mah angger merul, samèja ampir mudal.
"Mangga dileueut, Pa... mung punten bilih kirang ngupami. Ning kieu di lembur mah mung cangkorang-bongkang. Taya nu saè," cèk Bu KS tamada semu mamandapan.
"Ih, kirang kumaha, Bu... ieu sakieu seueurna. Hatur nuhun," tèmbal kuring bari celenun nyokot seupan cau; ngahormat tuan rumah bisi pajar teu narimakeun.
"Meni bingah abdi tèh kasumpingan Bapa. Arang langka pengawas kersa rurumpaheun nganjang."
"Ih, tamah tos kawajiban abdi, Bu. Panan tugas pengawas mah tujuh puluh lima persèn di lapangan. Nu mawi abdi mah moal ngawilah-wilah. Sadaya sakola baris dilayadan; teu ukur nu adek ka kota kecamatan wungkul!"
"Alhamdulillah. Ayeuna mah abdi teu asa dianak-tèrèkeun...."
"Na kapungkur Pa Jahid tara kadieu kitu?"
"Pa Jahid? Nu mana tèa?"
"Èta pengawas nu tos purna tugas."
"Na da taya nu namina Pa Jahid pengawas mah, Pa."
"Ah, piraku?"
"Sumuhun, Pa."
"Pa Jahid urang Cihayam tèa. Tatèh senior abdi. Waktos abdi tugas di Kadungora, nya Pa Jahid pengawas Selaawi tèh. Malihan anjeuna korwasna, sok pendak pami rapat di Garut."
"Oh..., pantesan rikitu mah."
"Kumaha, Bu?"
"Da ieu mah sanès wilayah Selaawi, Pa."
"Mana atuh?"
"Sakola abdi mah kalebetna ka Kecamatan Cibugel Kabupatèn Sumedang, Pa."
"Beu!"
Seupan cau nu keur dibaheum racleng kaburakeun. Teu kaburu kateleg.
(Ajjow tama, tèngsin dech akika!)

Kang Ris sandi asma Ade Fathurohim, Sekretaris PCM Selaawi & Sekretaris PGRI Kabupaten Garut.
171224
diropèa tina pangalaman babaturanna babaturan
✦ Tanya AI