Kalumaneun

Ku Kang Ris
Ku medalna palaturan anyar, jang sakuringeun mah bungah pisan. Naon sababna? Alatan didinya aya pasal nu nandeskeun parobahan istilah, nu asalna pengawas jadi pendamping. Ku èta hal, tangtu balukarna bakal robah tupoksi. Ieu nu dianti-anti tèh. Nya sok wè rang surahan: pengawas mah tugasna tèh ukur ngawaskeun wungkul; ninggali, nalingakeun, atawa nyèrangkeun. Jadi, najan lalajo ti kajauhan gè teu nanaon. Mun peun semet dinya ngalagena kacida. Pagawèan karasana hampang. Jadi, mun gerbang sakola digembok, cukup ku noongan tina sela-sela liang konci, ceuk pangrasa, geus cupar kawajiban.
Beuratna, èta mun pareng ngambreg kegiatan kedinasan (edukatif) kayaning ANBK contona. Apanan kudu pulang-anting ka sakola: Ngajelaskeun POS, monitoring persiapan, latihan (try out), pelaksanaan, tur evaluasi sabadana. Nu sok jadi bangbaluh ku prahna budaya timur. Kaalaman mangsa jeneng ks, apanan pareng pengawas monitoring, teu werat mun teu nyuguhan jeung teu "ngeupeulan" tèh (meureun para ks gè moal boa kitu mainsèt-na). Deuih sanajan ku kuring diulah-ulah, angger dina emprona mah --ku balageur-balageurna-- sok aya "larna". Èta pisan tinimbangan rumegog mun remen laha-loho tèh.
Tah, ari disebut pendampingah ngarareunah. Ngalagena, Lur! Ngadampingah bisa terus marengan sakola, utamana kepala sekolah (ks), ti isuk jedur nepi ka sorè jedèr. Jadi mun pas abus ka sakola, laju diuk pagègèyè; rèrentetan, rèrèndèngan jeung ks, asana kaci pisan. Sabab mun dianalogikeun kana kahirupan rumah tangga, apanan kapireng aya ungkara kieu: Suami adalah pendamping istri, istri adalah pendamping suami. Nu matak moal èra lohong ka sakola tèh. Sakalian mèh afdol, kè mah èmbohna kuring dèk nunutur bujur ks. Pokona kamana waè ks lunta, ku kuring baris dibarengan. Kaabus mun nyairkeun BOS. Cihuy!
Mangsa poè munggaran abus sakola semester II taun pangajaran 2024/2025, ti anggalna kènèh kuring nawaètu rèk ngamalkeun palaturan mentri tèa. Ti imah ngajius --teu nyimpang heula ka kantor-- langsung muru sakola. Berekah sapoè jeput tamat teu incah ti gigireun ks. Samalah basa pabeubeurang lunta ka BJB nyokot BOS, kuring ngingiclik ti mimiti indit tug balik, kuring satia maturan. Meunang saminggu mah kitu jeung kitu wè pagawèan tèh, giliran mapayan sakola ka unggal binaan.
Poè Senèn minggu kadua bada libur semesteran, kuring miluan rapat koordinasi (rakor) di kecamatan. Nyuluran Pa Korwil sabab mareng acara, anjeuna kudu rapat dinas di Garut. Sabada rakor lekasan, Pa Camat ngagupay ngajak cacarita face to face. Naon nya jiga secreet pisan?
"Punten, Pa Korwas diandeg sakedap," ceuk Pa Camat muka wangkongan.
"Mangga, Pa Camat... aya naon manawi? Asa rareuwas sisinanteneun Pa Camat nyaur," tèmbal kuring pacampur panasaran, ninggali riuk pameunteu Pa Camat meni seurieus.
"Kieu... abdi tèh kaamanatan ku Pa Korwil ngadugikeun kereteg para ks. Rupina Pa Korwil hareurin ku lètah, nya mindang saraya. Nu mawi abdi gè hapunten pisan kumawantun," ceuk Pa Camat mamandapan kawas seunggah pikeun nepikeun pamaksudan.
"Mangga uningakeun, Pa Camat teu kedah rèmpan. Abdi moal nanaon, sanaos èta kritikan peureus. Malih abdi nganuhunkeun digeuing , supados abdi 'berbenah diri'," kuring nyumangetan.
"Kieu... saur Pa Korwil, para ks karomplèn jalaran Pa Korwas ayeuna pami ngamonitoring, teras-terasan ngunguntit ks. Janten para ks tèh panginten kalumaneun ari hantem waè ditutur-tutur mah."
"Hèhè...."
"Naha kalah gumujeng?"
"Kieu, Pa Camat. Ti ayeuna ka payun tugas abdi janten pendamping sanès pengawas deui. Ieu hal dumasar permenpanrb nomer 21 taun 2024. Pami pengawas, cekap ku nalingakeun ti kaanggangan gè. Pendampingah teu cumpon ku nempo wungkul. Tapi, kedah bari marengan sagala rupina. Nu mawi abdi monitoring langsung cimekblek di rohangan ks. Atuh pami ks lunta, abdi baris teras maturan kamana waè anjeuna angkat."
"Oh, kahartos rikitu mah.... Atuh abdi kedah robih manggil Pa Korwas janten Pa Korping nya. Korwas mah koordinator pengawas, korping koordinator pendamping. Wios abdi nyebat Pa Korping? Moal ningnang?"
"Mangga, Pa Camat bèbas. Asal saratna korping tong dihartoskeun koordinator pemburu pingping! Haha...!"
"Bisa waè, Pa Korwas mah. Aèh... Pa Korping hèhè...."

291224 Kang Ris sandi asma Ade Fathurohim,
Sekretaris PCM Selaawi & Sekretaris PGRI Kabupatèn Garut.
✦ Tanya AI