• Default Language
  • Arabic
  • Basque
  • Bengali
  • Bulgaria
  • Catalan
  • Croatian
  • Czech
  • Chinese
  • Danish
  • Dutch
  • English (UK)
  • English (US)
  • Estonian
  • Filipino
  • Finnish
  • French
  • German
  • Greek
  • Hindi
  • Hungarian
  • Icelandic
  • Indonesian
  • Italian
  • Japanese
  • Kannada
  • Korean
  • Latvian
  • Lithuanian
  • Malay
  • Norwegian
  • Polish
  • Portugal
  • Romanian
  • Russian
  • Serbian
  • Taiwan
  • Slovak
  • Slovenian
  • liish
  • Swahili
  • Swedish
  • Tamil
  • Thailand
  • Ukrainian
  • Urdu
  • Vietnamese
  • Welsh
Hari

Your cart

Price
SUBTOTAL:
Rp.0

Sasieureun Sabeunyeureun: Kaum Musawifun

img

Sasieureun Sabeunyeureun 

Kaum Musawifun

Ku Kang Ris


Kaum musawifun tèh nyaèta kaum nu ngèngkè-ngèngkè (lèlèda) dina migawè kahadèan/bebeneran (baca: amal solèh).

Kalèkèd migawè bebeneran, tangtu dipahing pisan. Sababna, ieu hal bisa baè ngabalukarkeun urang teu tulus milampahna.  Antara nawaètu jeung prakna tèh aya jarak. Tah, èta awahan mangrupa lolongkrang pikeun sètan ngagoda sangkan urang bedo ngalakukeun paniatan.

Dina riwayat dijèntrèkeun, yèn pikeun Rosululloh SAW teu aya jarak antara sasauran sareng padamelan. Anjeuna teu welèh pok pèk prak. Samalah sateuacana cacarios anjeuna mah tos langkung tipayun nyontoan ku padamelan. Numawi pantes Nabi SAW  dipaparin gelar Uswatun Hasanah conto nu payus diturutan ku sakumna umatna. Naha ari urang enggeus kitu? Atawa mun ngong adan kalah ngelepus kènèh atawa masih manco dina hp? Pajarkeun tèh kagok keur ngeungeunahna; pameng nuju nyetatus....

Kumaha atuh palakiahna sangkan suhud milampah amal solèh?

Kahiji sagala nu dèk dipigawè nawaètuan karana Alloh dumasar kaikhlasan. Yèn naon rupa hal nu dèk dipilampah èstu pikeun ngahontal karidoan Alloh SWT dina raraga ibadah ka Mantena: Wamaa khalaqtul jinna walinsa ilaa liya'buduun. 

Kadua ras-jig; dimana inget harita kènèh dipigawè: Faidzaa faraghta fanshab

Katilu maksakeun manèh bari teu petot nyuhunkeun pitulung ka Mantena: Iyyaa ka na'budu waiyyaa ka nashta'iin

Kaopat makè jurus 3M Aa Gym: Mimitian ti nu kadada-kaduga; mimitian ti ayeuna; mimitian ti diri sorangan: Laa yukallifulloohu nafsan ilaa wus'aha lahaa maa kasabat wa'alaiha maktasabat.

Bismillah...

Prung!

Wallohu a'lam bish shawab

91b52b74-8236-4ebc-a4b9-b690943d94e7.jpg

Kang Ris sandi asma Ade Fathurohim, M.Pd. 

(Sekretaris PCM Selaawi+Sekretaris PGRI Kab. Garut Garut).

© Copyright 2024 - Muhammadiyahgarut.com: Gerakan Dakwah Amar Ma'ruf Nahi Munkar
Added Successfully

Type above and press Enter to search.