• Default Language
  • Arabic
  • Basque
  • Bengali
  • Bulgaria
  • Catalan
  • Croatian
  • Czech
  • Chinese
  • Danish
  • Dutch
  • English (UK)
  • English (US)
  • Estonian
  • Filipino
  • Finnish
  • French
  • German
  • Greek
  • Hindi
  • Hungarian
  • Icelandic
  • Indonesian
  • Italian
  • Japanese
  • Kannada
  • Korean
  • Latvian
  • Lithuanian
  • Malay
  • Norwegian
  • Polish
  • Portugal
  • Romanian
  • Russian
  • Serbian
  • Taiwan
  • Slovak
  • Slovenian
  • liish
  • Swahili
  • Swedish
  • Tamil
  • Thailand
  • Ukrainian
  • Urdu
  • Vietnamese
  • Welsh
Hari

Your cart

Price
SUBTOTAL:
Rp.0

Pangorbanan: Jalan Ngahirupkeun Sajarah, Ngarakit Qiyadah jeung Nanjeurkeun Risalah.

img

Ku : Fahrurroji Firman Al-Fajar, S.Pd.I.,M.Pd.


AllahuAkbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar, Laa ilaaha illallaahu wallaahu akbar, AllahuAkbar wa lillaahil hamd.

Sadaya puji kagungan Allah Subhanahu wa Ta’ala, nuparantos maparin kahirupan, hidayah, sareng nikmat iman ka urang sadayana.Henteu aya nu tiasa nyampurnakeun jalan hirup urang, iwal ti ku pitulung sarengpituduh ti Mantenna.

Salawat sareng salam mugia salawasna tercurah kajunjungan urang, Nabi Agung Muhammad Shallallahu ‘alaihi wa Sallam, panutansadaya umat, nu ku lantaran perjuanganna, urang tiasa ngarasakeun caangna imanjeung nikmatna Islam.
Mugia urang sadaya kaasup kana golongan umatna nu satia nuturkeun tapak-tapaksunnahna dugi ka ahir zaman. Aamiin Ya Rabbal ‘Alamiin.

AllahuAkbar, Allahu Akbar, Laa ilaaha illallaahu wallaahu akbar, Allahu Akbar walillaahil hamd.

Unggal jalma lahir jeung rasa hayang miboga, hayangngawasaan, jeung hayang ngahontal hiji hal dina kahirupan. Éta téh bagian tinakodrat manusa. Tapi dina lampah hirup, urang moal bisa meunangkeun sagalana nudipikahoyong lamun henteu daék miceun sabagian tina nu dipikanyaah.

Sabab manusa leuwih resep nyimpen batan miceun, leuwihsugema ngarebut batan mere, leuwih senang nganangan batan ngalepaskeun. Tapijustru ku kituna, pangorbanan téh dipiéling jeung dirayakeun. kusabab éta teugampang,  sabab  nandakeun kameunangan spiritual pikeun jalmanu bisa ngalawan hawa nafsuna, jeung milih Allah di luhur sakabéh kahayangdunya.

ImamAl-Ghazali kantos ngadawuh:

“Teuaya jalan pikeun deukeut ka Allah, iwal ku jalan ngalawan hawa nafsu sarta daékberkorban di jalanna.”

Katerangan imam Ghazali eta mere tanda yen :Pangorbanan téh henteu datang ti kalemahan, tapi ti kakuatan. Henteusadaya jalma sanggup ngorbankeun. Sabab pangorbanan henteu dipigawé ku jalma nulemah, tapi ku nu kuat. Kuat ngéléhkeun dirina sorangan, kuat narima kasakitpikeun kahadéan nu leuwih luhur, kuat meuntas kahayang pribadi demi kahayangAllah. Ogé, pangorbanan henteu dipigawé ku jalma nu biasa-biasa wae, tapi kujalma nu mikanyaah. Jalma nu cinta ka Allah, ka agama, ka umat, moal ragupikeun ngaluarkeun naon waé nu dipikanyaahna di jalan éta.

sahingga, sing saha nu sanggup berkorban, sabenernamanehna nu keur nuturkeun jalan para pejuang (ngahirupkeun sajarah),ngaluhurkeun darajatna sorangan (ngarakit qiyadah), oge  nguatkeun agamana (risalah). Ieusababna, pangorbanan téh lain hal nu kudu ditangisi, tapi kudu dirayakeun—kuiman, ku amal, jeung ku kahormatan.

AllahuAkbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar, Laa ilaaha illallaahu wallaahu akbar, AllahuAkbar wa lillaahil hamd.

Pangorbananngahirupkeun sajarah

Teu aya sajarah anu agung tanpa pangorbanan anu jero.Unggal kamerdikaan, unggal robahan sosial, unggal kabangkitan agama, salawasnangandelkeun kana kawani pikeun kaleungitan demi hiji hal nu leuwih gede.

Allah nyarios dina QS. Ash-Shaff ayat 10-11:

 
يٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُوا۟ هَلْ أَدُلُّكُمْ عَلَىٰ تِجَٰرَةٍۢ تُنجِيكُممِّنْ عَذَابٍ أَلِيمٍۢ

تُؤْمِنُونَ بِٱللَّهِ وَرَسُولِهِۦ وَتُجَٰهِدُونَفِى سَبِيلِ ٱللَّهِ بِأَمْوَٰلِكُمْ وَأَنفُسِكُمْۚ ذَٰلِكُمْ خَيْرٌۭ لَّكُمْ إِنكُنتُمْ تَعْلَمُونَ

Heu jalma-jalma nu geus iman, rek ditunjukkeun kuKami kana hiji dagangan nu bisa nyalametkeun aranjeun tina siksa nu nganyerihaté? nyaeta: aranjeun kudu iman ka Allah jeung Rasul-Na, tuluy tarékah jeungtarung di jalan Allah make bandana jeung dirina sorangan. Eta téh leuwih hadékeur aranjeun, lamun aranjeun nyaho.”

Ieu ayat ngagambarkeun yén iman jeung jihad(pangorbanan) lain wungkul kasatiaan lahiriah, tapi ogé bentuk nyata tina cintajeung kapercayaan urang ka Allah.

Kanggo ngabejerbeaskeun ayat era widian khatibngadugikeun hiji kisah nabi Muhammad nuluykeun risalah ibrahim, dina raragameresihan ka’bah tina patekong. Momen ieu lumangsung taun ka-6 Hijriyah (628M), nalika Nabi Muhammad Shallallahu ‘alaihi wasallam ngajak kira-kira 1.400sahabat (riwayat Imam al-Bukhari, Kitab al-Maghazi) pikeun ngalaksanakeunibadah haji ka Makkah.

Dina hiji wengi, Rasulullah ngimpi yén Anjeunna jeungpara sahabatna lebet ka Masjidil Haram dina kaayaan aman, ngaguliskeun rambutjeung motong kuku – tanda yén maranehna réngsé ngalaksanakeun ibadah haji.Impian éta lain saukur bunga saréréa, tapi wahyu tina Allah (QS. Al-Fath: 27).

Padahal waktu éta, Makkah masih dikawasaan ku kaummusyrikin Quraisy, anu saméméhna ngirim bala tentara pikeun ngepung Madinahdina Perang Khandaq (taun 5 H). kaum muslimin Makkah waktu harita teu saukurbenci, tapi boga niat pikeun ngabasmi umat Islam nepi ka ka akar-akarna, kaasupawewe jeung barudak. Tapi ku rahmat Allah, sareng usulan taktis ti SalmanAl-Farisi pikeun ngagali parit, umat Islam salamet. Kameunangan spiritual étanyiptakeun kayakinan anyar di kalangan sahabat yén waktuna geus deukeut pikeunngalakukeun Haji.

Rasulullah teras nyieun kaputusan nu luar biasa:ngajak para sahabat pikeun ngalaksanakeun Haji, bari teu nyandak pakakasperang, ukur mawa senjata leutik pikeun kaamanan sapanjang jalan. Ieu téhrésiko nu luar biasa, sabab aranjeunna bisa diserang iraha wae. Perjalanan jauhti Madinah ka Makkah ditempuh dina kahati-hatian, leumpang di jalan alternatifnu pinuh ku bebaya. Teu gampang – panas, lapar, jeung was-was ngancik unggallengkah. Tapi haté para sahabat téh geus nguat ku kayakinan: “Upami ieuparéntah ti Rasulullah, tangtu aya hikmahna.”

Sanggeus sababaraha poé, aranjeunna nepi ka hijitempat nu dingaranan Hudaibiyah. Di ditu, Rasulullah ngirim utusan pikeunnepikeun kahayang pikeun haji, tapi nu datang malah ditahan. Jamaah Islammimiti bingung jeung sedih. Tapi Rasulullah tetep tenang, netepkeun yén ayastrategi di balik sagalana. Nabi Muhammad berjuang dina Hudaibiyah téh mangrupasajarah nuluykeun risalah Nabi Ibrahim alaihissalam nu parantos meresihan Kabahtina patung-patung. Anjeunna ngajaga warisan tauhid sareng nempokeun yén pangorbananteu salawasna kudu ditarima ku hasil langsung, tapi sering jadi pupuhu pikeunkabangkitan nu leuwih gede.

Antukna, datang hiji perjanjian nu bakal ngarobah sajarah:Perjanjian Hudaibiyah. Eusina kacida beuratna pikeun umat Islam dina paningallahiriah. Umat Islam henteu meunang haji taun éta. Aranjeunna kudu balik kaMadinah jeung nyembelih hewan kurban di Hudaibiyah – henteu asup ka Makkah. Lobasahabat nu sedih, bahkan aya nu ngahudang Rasulullah ku rajet haté. TapiRasulullah tenang, bari nyebutkeun:

إِنَّا فَتَحْنَا لَكَ فَتْحًا مُّبِينًا

"Sayaktosna Kami parantos masihan ka anjeunhiji kameunangan anu écés pisan”

ieu téh kameunangan anu nyata, sanajan teu katingaliayeuna.

Sajeroning balik ti Hudaibiyah, ayat-ayat turun,mastikeun yén ieu perjanjian teh bakal jadi pintu kahadean. Sabenerna, ieu tehpondasi diplomasi jeung strategi, nu saterusna nyababkeun Islam sumebar leuwihlega, sarta Fathu Makkah lumangsung dua taun ti harita. Eta leuleushaté, sabar, jeung pangorbanan téh ayeuna nu urang rayakeun dina Idul Adha.Pangorbanan lain salawasna kudu menang di lahir, tapi kudu tulus jeung leres dibatin.

Tapi di ujung perjuangan nu nyeri haté éta, aya hijikarunia agung ti Allah: Sakinah. Allah nurunkeun ketenangan ka haté parasahabat jeung ka Rasulullah. Sakinah téh lain hartina euweuh masalah, tapi étatéh karunia rasa tenteram di tengah badai, rasa yakin di tengah kawasangsaraan.

Allah nyebut dina QS. Al-Fath: 4:

هُوَ ٱلَّذِىٓ أَنزَلَ ٱلسَّكِينَةَ فِى قُلُوبِٱلْمُؤْمِنِينَ لِيَزْدَادُوٓا۟ إِيمَـٰنًۭا مَّعَ إِيمَـٰنِهِمْ ۗ وَلِلَّهِ جُنُودُٱلسَّمَـٰوَٰتِ وَٱلْأَرْضِ ۚ وَكَانَ ٱللَّهُ عَلِيمًا حَكِيمًۭا

“Mantenna (Allah) nu nurunkeun katengtreman (sakinah)kana jero hate jalma-jalma nu iman, supaya nambahan imanna kana iman nu tosaya. Sarerea tentara langit jeung bumi kagungan Allah, sarta Allah Maha Nyahodeui Maha Wijaksana.”

Para sahabat nu tadina bingung, kesel, jeung hampirngambek, laun-laun meunang pencerahan. Maranéhna sadar yén sanajan gagal asupka Makkah taun éta, tapi ieu téh lain gagal, tapi tahap dina skenario Allah nuleuwih gede. Sakinah jadi hadiah keur jalma-jalma nu tetep lempeng dinaperjuangan, sanajan teu meunang hasil instan. Ieu pisan nu urang kudu tiru:daek berjuang, daek sabar, jeung daek percaya yén tiap pengorbanan, lamuntulus, moal leungit di payuneun Allah.

 

AllahuAkbar, Allahu Akbar, Laa ilaaha illallaahu wallaahu akbar, Allahu Akbar walillaahil hamd.

JamaahIduladha rahimakumullah,

Tadi urang nyaksian kumaha hijrah spiritual jeungdiplomasi Hudaibiyah jadi pelajaran berharga ngeunaan tauhid jeung keteguhaniman, ayeuna urang lebetkeun haté urang kana hiji nilai séjén: nyaeta qiyādah –kapamingpinan. Tapi ieu sanés kapamingpinan nu sifatna struktural hungkul, tapikapamingpinan anu dimimitian ti diri sorangan, tina kamampuh pikeunnanggungjawaban spiritual jeung sosial.

Unggal jalma — henteu paduli status sosial,pendidikan, atawa pangkat — dilahirkeun minangka pamimpin. Sahenteuna pikeundirinya sorangan, kulawargana, jeung jalma-jalma di sabudereunana. Tapimasalahna lain sadayana bisa sabar, bisa ikhlas, atawa bisa satia kana amanahkapamingpinan éta.

Naha? Sabab sejatinana, nu nyieun hésé pikeun jadipamimpin anu rela berkorban téh lain kusabab beuratna masalah, tapi kusababkurangna sakinah di jero haté. Sakinah téh ketenangan batin anu datang tinapasrah ka Allah, tina yakin yén sagalana nu dikorbankeun bakal dibales kuAllah, sareng tina sumanget pikeun ngalakukeun kabagjaan pikeun batur.

Nabi Ibrahim henteu dilahirkeun tanpa rasa. Anjeunnaogé bapa, boga rasa kanyaah, kasatiaan, jeung empati ka anakna. Tapi sakinah dijero haténa nu ngajadikeun anjeunna bisa ngalaksanakeun paréntah Allah tanparagu. Sarua jeung Nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam dina perjanjianHudaibiyah, anjeunna pamimpin nu sanggup ngontrol amarah sahabatna sabab haténapinuh ku sakinah. Anjeunna milih jalan diplomasi, sabab yakin yén waktu jeungjanji Allah leuwih penting tibatan emosi sesaat.

AllahuAkbar, Allahu Akbar, Laa ilaaha illallaahu wallaahu akbar, Allahu Akbar walillaahil hamd.


JamaahIduladha rahimakumullah

Upami dina dua bagian saméméhna urang diajak pikeunmerenungkeun hakikat tauhid jeung kapamingpinan, ayeuna urang tutup khutbah ieuku nilai katilu: Nanjeurkeun Risalah. Iduladha ngajarkeun urang yénhirup téh lain ukur pikeun hirup, tapi pikeun ngemban risalah, hiji misi anuasalna ti Allah. Risalah pikeun jadi hamba anu taat, jadi khalifah di bumi,jeung jadi rahmat pikeun sakumna alam. Tapi sagala risalah pasti meryogikeunpangorbanan. Moal aya misi nu mulya tanpa leumpang dina jalur ujian jeungtadhiyah.

KH Ahmad Dahlan, pendiri Muhammadiyah, nyarios yén:

"Urang kudu daék merjuangkeun Islam kalawan hartajeung jiwa. Tapi pangluhurna téh ngorbankeun harta sabab ari nyawa mah bakaldicokot ku Gusti Allah dina waktuna."

Hartina,tadhiyah téh lain soal mati, tapi soal sadar jeung rela pikeun ngagugurkeunkahayang diri demi kahadéan ummat. Pangorbanan nu sadar, nu datang tina tauhid,nu dipimpin ku sakinah, jeung diwujudkeun dina bentuk qiyādah nu jembar: diimah, di masarakat, di lembaga, komo di bangsa.

Dr.Haedar Nashir, Ketua Umum PP Muhammadiyah ayeuna, ogé sering ngingetkeun yén:

"Orangberiman tidak cukup hanya menjadi baik untuk dirinya, tapi harus menjadi jalankebaikan untuk sesama. Dan itu hanya bisa dilakukan bila dia relaberkorban."

Risalahpangorbanan henteu lumangsung dina adegan dramatis sakumaha Nabi Ibrahim sarengIsmail. Tapi risalah  hadir dinakahirupan sapopoe:

·  Nalikaurang nyumputkeun amarah demi ngajaga silaturahim.

·  Nalikaurang nyumbang waktu, harta, jeung tanaga pikeun dakwah jeung pendidikan.

·  Nalikaurang nyekel prinsip tengah godaan materi jeung status.

Jamaah Idul Adha rahimakumullah,


Lamun hidup urang teu diarahkeun ku misi, hirup ieu bisa leungit makna. Tapilamun urang yakin yén hirup téh risalah ti Allah, urang moal sieun berkorban.Sabab sagala nu dikorbankeun, pasti balik deui jadi amal salih nu dibales kuAllah kalayan pangalusna. Ku sabab éta, dina Iduladha ieu, hayu urang robahcara mikir: ngorbankeun harta lain leungit, tapi bagian tina risalah.Ngorbankeun rasa, waktu, jeung gengsi pikeun ngahudangkeun umat téh lainkarugian, tapi bagian tina jalan nubuwah.

Panutup 


Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar, Laa ilaaha illallaahu wallaahu akbar, Allahu Akbar wa lillahil hamd.


Jamaah Idul Adha rahimakumullah,


Di tengah kahirupan nu pinuh ku pilihan jeung kasibukan, hayu urang tanya ka diri sorangan…


Kunaon abdi hirup? Naha ukur pikeun nyumponan kahayang diri, atawa pikeun ngalaksanakeun hiji risalah ti Gusti Allah?


Sakumaha ageungna rasa rela abdi pikeun berkorban demi agama jeung umat? Naha diri tos siap ngorbankeun naon nu paling dipikanyaah?


Kumaha kabar haté abdi? Naha tos aya sakinah di dinya? Atawa masih pinuh ku kasieun jeung kahariwang nu nyekel abdi pikeun melangkah dina perjuangan?sabab teu boga sandaran sajarah, qiyadah jeung risalah


Naha abdi parantos nempatkeun harta, waktu, jeung tanaga abdi salaku sarana dakwah? Atawa sabalikna, abdi langkung sibuk ngajaga rasa nyaman pribadi? Ieu nu boa boa jadi masalah, lain masalah nu beurat.


DO’A

e33fc969-a2ea-41fb-991f-1dba1bac7957.jpg

Fahrurroji Firman Al-Fajar, S.Pd.I.,M.Pd.

Sekretaris Majelis Dikdasmen dan PNF

Pimpinan Daerah Muhammadiyah Garut/ Dosen IMDA Garut


Jalma nu ngarti kana maksud hirupna, bakal nikmat ku pangorbanan.


© Copyright 2024 - Muhammadiyahgarut.com: Gerakan Dakwah Amar Ma'ruf Nahi Munkar
Added Successfully

Type above and press Enter to search.