• Default Language
  • Arabic
  • Basque
  • Bengali
  • Bulgaria
  • Catalan
  • Croatian
  • Czech
  • Chinese
  • Danish
  • Dutch
  • English (UK)
  • English (US)
  • Estonian
  • Filipino
  • Finnish
  • French
  • German
  • Greek
  • Hindi
  • Hungarian
  • Icelandic
  • Indonesian
  • Italian
  • Japanese
  • Kannada
  • Korean
  • Latvian
  • Lithuanian
  • Malay
  • Norwegian
  • Polish
  • Portugal
  • Romanian
  • Russian
  • Serbian
  • Taiwan
  • Slovak
  • Slovenian
  • liish
  • Swahili
  • Swedish
  • Tamil
  • Thailand
  • Ukrainian
  • Urdu
  • Vietnamese
  • Welsh
Hari

Your cart

Price
SUBTOTAL:
Rp.0

Dongeng Coet

img

Sasieureun Sabeunyeureun


DONGÈNG COÈT (1)

Ku Kang Ris


Aya adagium nu nyebutkeun, yèn urang Sunda baris anteng ulin di kebon asal dibahanan sambel. Ieu hal --jigana-- dumasar pangaresep urang Sunda nu beuki kana lalab-lalaban. Jeung enyana atuh, mun dahar teu jeung sambel-lalab sok asa kurang mak nyus Buktikeun teu percaya mah. Geura  pèk sangu haneut, peuteuy anyar ngajul, coèlkeun kana sambel, laju nyiwit beuleum peda beureum. Èmbohna gorèng emping jeung sayur asem.... Leuh, abong mun teu peureum-beunta. 

Mun kitu, naon atuh sababna sambel bet matak ponyo kana dahar?

Geura rang guar. Nyaritakeun sambel moal leupas ti coèt, mutu katut sambarana (bahana) kayaning cèngèk, uyah-gula, tarasi, cikur, bawang bodas, tomat jeung surawung (ieu  sambara sambel cibiuk; ngahaja dijieun conto alatan jadi brand wisata kuliner ogè geus go international). 

Mun ditafakuran, èta bahan/sambara sambel mibanda rasa nu bèda. Cèngèk lada, uyah asin, gula amis, tarasi asin-gurih, bawang bodas-cikur pengar, tomat haseum, surawung lada-kesed. Mun pirajeunan dihuapkeun hiji-hiji, asa moal nyekrup najan dipeuteuyan gè. Teu kacipta, ngolomoh gula beureum bari nyetrok peuteuy. Lain ni'mat, kalah  murel, Bro! 

Pon kitu deui sambara sèjèna, mun dihiji-hiji nyapèkna, tangtu baris malawading.

Tapi..., ana dihijikeun dirèndos dina coèt, langsung "sarasa" pèdo-èlom!

Ieu hal ngiberan, yèn unggal jalma mibanda kaleuwihan (kompetènsi/potènsi) sèwang-sèwangan. Ku kituna, mun urang mibanda kaunggulan, teu kaci ujub "dilarang keras" gedè hulu. Sabab batur gé sarua baroga, ngan pèdah baè bèda-bèda. Nu ceuk Howard Gardner mah katelahna Multiple Intelegences(kecerdasan majemuk) nu ngawengku: linguistic, logic-mathematic, spasial, music, body kinestetic, interpersonal, intrapersonal jeung natural. Contona jalma nu resep hahaleuangan, can tangtu bisaeun nyèpak bal, juru dongèng moal hatameun ngitung statistik jsb. Nu matak urang (ku agama Islam) dipahing pisan takabur adigung adiguna ieu aing uyah kidul: Asa pangbeungharna, pangkasèpna, panggeulisna, pangpinterna jrrd. Sing inget, ceuk katerangan hadits: Làyadhululjannata man kàna fì qolbihi misqola dzarrotin min kibrin; moal abus ka sawarga hiji jalma mun dina hatèna aya sakebul tipung tina takabur. 

Pon kitu deui, nalika ngarasa aya kakurangan teu kudu minder, pan miboga kaleuwihan. Nu matak ceuk Ki Sunda, mun pinter ulah guminter mun bodo kudu alèwoh. Sawadina urang èling yèn pinter-bodo tèh mangrupa cobaan ti Alloh Subhanahu Wa Ta'ala pikeun nangtukeun saha-sahana nu "lulus ujian". Sabab jalma nu paling mulya mungguh Alloh, taya lian nu pangtakwana ka Mantena: Inna akromakum 'indallòhi atqokum, satemena jalma nu paling mulya dianatara maranèh di sisi Alloh nyèta nu pangtakwana diantara maranèh (Alhujrat: 13). Geuning ceuk Kang Haji Rhoma Irama gè: Yang miskin jangan bersedih//Jangan menyesali diri//Yang kaya janganlah bangga//Jangan membusungkan dada//Derajat manusa di sisi Tuhannya bukan karena hartanya//Derajat manusa di sisi Tuhannya itu karena takwanya. Tuh, nya....

Mun geus boga kayakinan kitu, tinangtu urang baris hilim tur dépè-dépé; moal "pongah-awuntah". Tapi  salawasna bakal ngahargaan nu lian. Da di sagigireun kalungguhan tèh urang gè teu tuna tina kakurangan. Ku kituna, dina hirup kumbuh sapopoè sawadina urang silih ajènan jeung sasama. Ceuk filosofis Sunda mah disebut siliwangi. Nu hartina silih seungitan jeung papada jalma ku cara silih asah silih asih silih asuh: silih asah ku pangabisa; silih asih ku pangarti silih asuh ku pangaweruh.

Kè kè kè..., kumaha atuh prak-prakanana matéakeun kaleuwihan jeung kakurangan papada jalma tèh?

Wallòhu a'lam bishshawab.

DONGÈNG COÈT (2)

Padika matèakeun kaleuwihan jeung kaunggulan papada jalma diantarana kahiji, ku cara ta'awun. Ta'awun hartina rempug gawè, sauyunan, sapapait samamanis; ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak; teu pahiri-hiri tara pagirang-girang tampian. Tangtu nu dimaksud di dieu samiuk dina bebeneran jeung katakwaan, lain dina dosa jeung mumusuhan. Dina Alquran dijèntrèkeun: Wata'àwanù 'alal birri wattaqwa walà ta'àwanù 'alal itsmi wal'udwan; Jeung prak geura silih tulungan maranèh dina migawè kahadèan jeung takwa, sarta tong silih tulungan maranèh dina dosa jeung mumusuhan (Almaidah: 2).

Kadua aya nu ngaminij, ngurus, ngatur, tur ngokolakeun. Saha tatèh? Nya pamingpin atawa pengurus. Pamingpin kudu parigel ngokolakeun kapunjulan anggota, pikeun nutupan kakuranganana. Èta mangrupa seni mingpin. Mun dianalogikeun kana salat berjamaah, tah pamingpin tèh imam.

Pikeun jadi imam teu sambarang jalma, sabab aya sarat-sarat husus nu kudu ditedunan: (1) nu pangluhur èlmuna; (2) nu pangpasèhatna maca Alquran, jeung (3) nu pangkolotna. Mun dipapandèkeun kana pawayangan, pamingpin kudu jadi Gatot Kaca, Antrèja, jeung Jakatawang. Gatot Kaca,  jago ngapung. Hartina pamingpin kudu visioner; cita-cita luhur, goal nu jelas jeung "terukur" sarta bisa nganjang ka pagèto.

Antrèja,  nembus bumi. Hartina pamingpin kudu bisa neuleuman (hatè) kahayang rahayatna. Ulah mawa karep sorangan, anti kritik, tur otoriter. Tapi, sagala kawijaksanaana kudu mihak ka rahayat (populis). Jakatawang ahlina napak sancang; bisa leumpang luhur cai. Hartina pamingpin kudu napak di saban golongan; bisa ditarima ku sakumna rahayat nu bèda dina sagala rupana.

Èta kabèh baris kahontal saupama, pamingpin nyontoan leuwih ti heula dina matèakeun supremasi hukum. Ieu hal geus dicontoan ku Kangjeng Nabi Muhammad Solallòhu 'alaihi wasallam, sakumaha kaunggel dina Alquran: Laqad kàna lakum fì rosùlillàhi uswatun hasanatul liman kàna yarjullòha wal yaumil àkhiri wadzakarollòhu katsìron; Saèstuna pikeun aranjeun geus nyampak dina diri Rosululloh conto nu hadè nyèta pikeun jalma nu miharep rahmat Alloh jeung (datangna) poè kiamat sarta nu loba èling ka Alloh (Alahzab: 21).  Lian ti èta umat Islam mah kudu yakin, yèn sacara individual/personal urang gè pamingpin pikeun diri jeung kulawargana: Kullukum rò'in wakullukum mas'ùlun 'an roiyyatihi; unggal maranèh pamingpin jeung bakal ditanya ngeunaan kapamingpinana (Alhadits). Ku kituna: Yà ayyuhalladzìna àmanù qù anfusikum wa ahlikum nàro; yeuh jalma-jalma nu ariman, jaga diri maranèh jeung kulawarga maranèh tina seuneu naraka (QS Attahrim: 6).

Mun di dunia per-sambel-an, pamingpin tèh lir nu ngarèndosna. Sabab, teu saeutik sambel karasana hambar alatan nu ngarèndosna teu bisaeun. 

Katilu, aya wadahna (organisasi). Sakabèh sambara sambel dihijikeun tur dirèndos dina coèt. Coèt mangrupa hiji wadah pikeun nyambel. Mun dina hirup kumbuh, nu kitu, katelahna organisasi. Naha bet perlu wadah? Alloh Subhanahu Wa Ta'ala parantos ngadawuh: Waltakum minkum ummatun yad'ùna ilalkhairi wa yamurùna bil ma'ruf wa yanhauna 'anil munkar wa ulàika humul muflihùn; Jeung geura adegkeun diantara maranèh hiji ummah nu ngajak kana kahadèan jeung nu marèntah kana ma'ruf jeung nyegah munkar, jeung maranèhna tèh jalma-jalma nu aruntung (QS. Aliimron: 104). 

Naha bet perlu organisasi? Kasauran Ali bin Abi Thalib nètèlakeun: Alhaqqu bilà nidham yaglibuhulbàthil binnidhàm; Bebeneran nu teu terorganisir baris kaèlèhkeun ku kagorèngan nu terorganisir. 

Dumasar wincikan di luhur bisa dicindekkeun: Mun ninggali coèt kudu inget kana sambel. Inget kana sambel, inget kana samara jeung nu ngarèndosna. Pangparatana, urang kudu daék hirup kumbuh silihargaan jeung sasama ku cara silih tutupan ku kaleuwihan sèwang-sèwangan (ta'awun); nu dipatèakeun ku pingpinan ku cara uswatun hasanah dina hiji beungkeutan  organisasi (ummah).

Wallòhu a'lam bishshawab

91b52b74-8236-4ebc-a4b9-b690943d94e7.jpg
91b52b74-8236-4ebc-a4b9-b690943d94e7.jpg

261224

Kang Ris tèh sandi asma Adè Fathurohim, M.Pd. (Sekretaris PCM Selaawi & Sekretaris PGRI Kab. Garut).

© Copyright 2024 - Muhammadiyahgarut.com: Gerakan Dakwah Amar Ma'ruf Nahi Munkar
Added Successfully

Type above and press Enter to search.